Senin, 30 Mei 2011

kumpulan cerita gokil

*Caroge Soleh dambaan sadaya istri. Istri baragajul ge miharep ngengengkeun caroge soleh. Nu kumaha tuh ari caroge nu soleh teh? Naha nu tara gapleh tara remi? atawa rajin ngaronda rajin ibak? Ah... duka teh teuing palebah dinya na mah... mung ieu mah sakadar ciri fisik caroge soleh teh nya eta nu kumisan, kantenan baplang mah kumisna soleh pisan. Na kumaha kitu caroge nu kumisan disebat caroge soleh?
Sabab nu kumisan mah moal bisa ngawadul.... dipaksa kudu jujur. Kieu dongengna:
 + "Bi...sabarahaeun?
= " Ngaleueut naon wae?"
+ " Bala-bala 2, goreng tempe 1, udud weh 2 batang"
=" Atos mung sakitu?"
+ " Muhun atos sakitu"
= " Leres yeuh teu aya nu kalangkung?"
+ " Enya ngan sakitu kuring jajan "
= " Ari eta awug dina kumis...???"
+ " Eh.... enyanya tadi kuring nyokot awug 3 "
*Baheula, cenah mah aya hiji jajaka moro manuk make bedil angin mapay-mapay pasir di pilemburan. ngan geus maju ka burit can meunang hiji-hiji acan da teu kungsi panggih jeung manukna oge. Antukna manehna turun ti pasir rek balik ka imahna. Satepina ka lebak, manggih hiji warung anu dagangna teh wanoja anu masih parawan.
Lantaran cape si jajaka ngadon reureuh di warung bari ngopi.Tuluy ditanya kunu tunggu warung :
Wanoja : " mulih moro kang ? ning siga nu teu kekengingan ?"
Jajaka : " Puguh muhun neng, mani teu aya manuk hiji-hiji acan !"
Wanoja : "Atuda lepat, moro manuk mah teu kedah ku bedil "
Jajaka : "Baruk ? ari kitu nganggo naon ?"
Wanoja : "Cekap ku silet we, hayu ku abdi dituduhkeun carana "
Sabot guntreng kitu, teu kanyahoan ku nu duaan, aya nini-nini milu ngadengekeun.
Pondok carita, si mojang jeung jajaka miang ka pasir rek ngala manuk, ari nini-nini tea nuturkeun ti beh tukang bari rerencepan.
Satepina ka luhur pasir, si mojang gog nagog di sisi gawir bari tuurna rada dianggangkeun(sabada ngudar CD na), teu lila angin ngagelebug ti landeuh, liwat kana sela-sela suku nyi mojang, kadenge sora anu "ngahuit" mani tarik (pas lebah ..... "dinya"). Siga asa digeroan, burudul manuk daratang ka lebah nyi mojang. Geus kitu mah kari newakan, tuluy dipeuncitan make silet tea.
Nyaksian kitu, si jajaka ngagerentes :"Heueuh nya !, ngan nu uing mah asana moal bisaeun 'ngahuit' model kitu da beda bentuk".
Sabot kitu, nini-nini nu milu nyaksian oge ngagerentes na hatena : "Lah ari kitu mah uing oge bisa " cenah.
Sanggeus nyi mojang jeung jajaka tea baralik, tuluy si nini nurutan prak-prakkanana nyi mojang tea. Ngan barang angin datang ngagelebug, sora nu kaluar teh lain 'ngahuit', tapi ......... 'ngageber'.... atuh puguh nu datangna oge lain manuk, tapi .......... maung.
Tah ti harita cenah, aya weh PARIBASA : Kari-kari nini-nini leungit sapeuting, isuk-isuk tai maung huisan.
*
Bupati : "Sabaraha jumlah penduduk desa taun ayeuna?"
Kades: (Rampang-reumpeung .... teu apal... nanyakeun ka ulis nu aya digigireunnana)
            "Lis ... sabaraha jumlah penduduk?"
Ulis : 8.888 jiwa
Kades: 8.888 Pa (madep ka Bupati)
Bupati : "Sabaraha target PBB?"
Kades:  Lis... sabaraha target PBB
Ulis  : 64.905.080,-
Kades: 64.905.080,- jawab Kades ka Bupati.
Buapti : Kades sabaraha pamajikan anjeun?
Kades : Lis...sabaraha pamajikan kuring..?
Ulis : Tilu pa...
Kades : Hatur uninga Tilu... pa Bupati.

Ulis singketna tina Juru Tulis, jaman ayeuna mah istilahna teh Sekretaris Desa disingkat Sekdes, bedana ulis jeng sekdes: ulis mah sadayana swasta teu aya nu janten Ulis PNS beda jeung sekdes ayeuna aya Sekdes PNS aya oge Sekdes Non PNS.

biodata

NAMA      :IRFAN
ALAMAT : PAGADEN
KELAS:    :XRPL1
SEKOLAH:SMKN1SUBANG
TTL           :JAKARTA 13,11,1995
HOBY       :FUTSAL,DLL